Katintaan
Ba’da solat magrib sapertos biasa Bapa
calik dina korsi ruang tamu bari maca buku. Kuring sareng pun adi, Usep sok
teras dipiwarang ka kamar keur diajar atanapi ngeurjakeun pancen ti guru.
Kahoyongna mah kuring teh gogoleran nongton dihareupeun TV bari lalajo kartun
tapi da Bapa sareng mamah sok ngawagel, saurna teh loba lalajo TV matak
ngagangu kana diajar jeung sok matak belet.
Aya
rasa keuheul oge ka bapa jeung mamah ari sok ngawagel kitu teh, tapida ari
janten budak mah ulah sok ngalawan jeung ngabantah bisi doraka, kudu ngagugu
kana nasehatna jeung omongan kolot.
Kuring
kedah enggal-enggal ngeurjakeun pancen ti bu guru. Usep teh alim ngapalkeun, ngadon
ngaganggu kuring keur diajar. “Usep buru ngapalkeun bisi di bejakeun ka Bapa!”
ceuk kuring bari rada nyentak. Naha ari teulila geblok teh tinta bahe kadupak ku
Usep kana meja abdi nepi keuna kana buku-bukuna, kuring jadi keuheul ka Usep.
“Naha
ari Usep tinta malah didupak sagala, ceuk a Deni gek diajar lain malah
ngaganggu batur!!!” Ceuk kuring bari ambeuk ka Usep. Usep reuwaseun pisan ku
kuring di sentak teh, ari kuring teras weh nyeuseulan Usep. “Hapunteun a…teu
sangaja” ceuk Usep bari ciga nu rek ceurik. Kuring keuheul pisan ka Usep, atuda
meja geus diberes-beres dibersih-bersih ayeuna janten kotor katintaan.
Kuring
jojorowokan kitu teh kadanguen ku bapa jeung mamah. “kunaon ieu Den?” ceuk
mamah. “Ieu mah Usep namplok keun tinta, tuda teu beunang di carek ku Deni”
ceuk kuring. “Nya entos wios weh Den, Teu sangaja Meureun” ceuk bapa. “Sok Usep
candak elap di dapur, heug elap tintana” ceuk bapa deui. Usep katingali sieun
dicarekan ku kuring.
“Den
Buku-buku nu tadi ka tintaan keun ku bapa digantian.” Ceuk Bapa bari mere buku
tulis anyarna. “Tah candak! Den teu kudu ambeuk-ambeukan sagala, sabab ku
ambeuk moal mereskeun pasualan . Usep ngalakukeun siga nu tadi teh tantu teu
sangaja”saur bapa ngabela Usep.
“Usep
geus menta dihampura kan?, pan tadi gek ku Usep Tos di bersihan Mejana”. Kuring
ukur cicing rumaos lepat “Ari ambek teh awalna ti nafsu,nafsu eta teh pangaruh
setan”ceuk bapa.
Ngadangu wagelan Bapa kuring jadi ngararasa
kaduhung, ayeuna mah janteun karunya ka Usep ,da puguh Usep teh heunteu sangaja.
Kuring nyampeurkeun Usep “Sep ,maaf nya engke deui mah kedah ati-ati ulah sok
heureuy ari diajar teh!”. Usep katinggali gumbira deui .
Ayeuna kuring gaduh buku anyar pamasihan bapa, ngagentos nu
katintaan, padahal buku nu katintaan teh seuer seratan pentingna…
Tidak ada komentar:
Posting Komentar